Majelis Hasbiyallah (Mazidah 25) kp.cijantung cigondewah hilir. Diberdayakan oleh Blogger.
Rabu, 11 September 2013

nadhom nyiar elmu

dosa lamun teu di ajar         *    eta jalma pasti sasar
bakal leungit sipat sobar      *   sangsara di arah mahsar

nyiar elmu di wajibkeun       *   ku rosul di p[arentahkeun
anu bakal nyalametkeun       *   pek di ajarna sing leukeun

nyaeta elmu agama              *   nu di sebar keun ulama
pikeun sadayana jalama       *   nu hayng hirup utama

meungpeung aya kasempeutan* sina milarian jalan
milari ridlo pangeran            *   ulah ngan jadi alesan

abdi ukur ngawartosan        *   kasadaya insan insan
sabab ajal teh ngantosan      *   di dunya ukur ngasaan

gra milari elmuna                 *   anu aya manfa'atna
ulah ngan ukur capena         *   teu aya buruhan nana

ari elmu nu manfa'at             *   eta karaosna ni'mat
ku fada jalma di hurmat        *   kalayan jadi safa'at

sabab jalma sadayana          *   heunteu aya nu sampurna
seueur kakirangan nana        *   ngan tong liren milarina

ka hiji elmu taohid               *    siang apal tong ulad elid
ngarah teu kabawa palid      *    elmu pikihna sing mufid

ari taohid ka gusti                *    Alloh simpeun jero ati
yakina sieun ku gusti            *    ti hirup dugi kamati

ngarasa hirup di atur            *    snang sehat pakir udzur
ti hirup sampe di kubur        *    ku Alloh nu robbul ghopur

ulah luntur ka ibunan            *    ulah gedag ka anginan
ulah laas kahujanan             *    percaya kanu kagungan

sadayanage nu gusti             *    Alloh anu gaduh pasti
nu ngatur hirup jeung mati    *    tekad keun na jero ati

nu gaduh alam sadaya         *    mung gusti Alloh nu mulya
palawargi sing percaya       *    nu teu percaya bahaya

pangkat ukur puypulasan   *     harta ukur cocooan
mun teu dipake sukuruna   *     ke bakal jadi hisaban

loba duit pangkat luhur      *     lega sawah lega lembur
lamun teu dipake sukur      *     bakal jadi siksa kubur

loba harta luhur pangkat    *     boga imah tujuh tingkat
boga pamajikan opat         *    teu di bawa ka aherat

mun harta hayng barokah   *    tong lebar pake sidekah
mun aya gra ka mekah       *    moal beurat ke di barjah

nu mampuh teu daek zakat *    tara ngalakonan solat
kamekah teu daek angkat   *    komo puasa teu kuat

nu kitu pasti cilaka              *    sabab gusti Alloh murka
anu kitu teh doraka            *     jadi panghuni naraka

ari naraka teh tempat          *    siksa anu paling beurat
pikeun jalama nu ma'siat     *    anu teu kaburu tobat
(wallohu'alam)