Mengenai Saya
Pasal
Majelis Hasbiyallah (Mazidah 25) kp.cijantung cigondewah hilir. Diberdayakan oleh Blogger.
Rabu, 11 September 2013
nadhom nyiar elmu
dosa lamun teu di ajar * eta jalma pasti sasar
bakal leungit sipat sobar * sangsara di arah mahsar
nyiar elmu di wajibkeun * ku rosul di p[arentahkeun
anu bakal nyalametkeun * pek di ajarna sing leukeun
nyaeta elmu agama * nu di sebar keun ulama
pikeun sadayana jalama * nu hayng hirup utama
meungpeung aya kasempeutan* sina milarian jalan
milari ridlo pangeran * ulah ngan jadi alesan
abdi ukur ngawartosan * kasadaya insan insan
sabab ajal teh ngantosan * di dunya ukur ngasaan
gra milari elmuna * anu aya manfa'atna
ulah ngan ukur capena * teu aya buruhan nana
ari elmu nu manfa'at * eta karaosna ni'mat
ku fada jalma di hurmat * kalayan jadi safa'at
sabab jalma sadayana * heunteu aya nu sampurna
seueur kakirangan nana * ngan tong liren milarina
ka hiji elmu taohid * siang apal tong ulad elid
ngarah teu kabawa palid * elmu pikihna sing mufid
ari taohid ka gusti * Alloh simpeun jero ati
yakina sieun ku gusti * ti hirup dugi kamati
ngarasa hirup di atur * snang sehat pakir udzur
ti hirup sampe di kubur * ku Alloh nu robbul ghopur
ulah luntur ka ibunan * ulah gedag ka anginan
ulah laas kahujanan * percaya kanu kagungan
sadayanage nu gusti * Alloh anu gaduh pasti
nu ngatur hirup jeung mati * tekad keun na jero ati
nu gaduh alam sadaya * mung gusti Alloh nu mulya
palawargi sing percaya * nu teu percaya bahaya
pangkat ukur puypulasan * harta ukur cocooan
mun teu dipake sukuruna * ke bakal jadi hisaban
loba duit pangkat luhur * lega sawah lega lembur
lamun teu dipake sukur * bakal jadi siksa kubur
loba harta luhur pangkat * boga imah tujuh tingkat
boga pamajikan opat * teu di bawa ka aherat
mun harta hayng barokah * tong lebar pake sidekah
mun aya gra ka mekah * moal beurat ke di barjah
nu mampuh teu daek zakat * tara ngalakonan solat
kamekah teu daek angkat * komo puasa teu kuat
nu kitu pasti cilaka * sabab gusti Alloh murka
anu kitu teh doraka * jadi panghuni naraka
ari naraka teh tempat * siksa anu paling beurat
pikeun jalama nu ma'siat * anu teu kaburu tobat
(wallohu'alam)
Langganan:
Posting Komentar
(Atom)
0 komentar:
Posting Komentar